SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CAU
SAWATARA bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk Sakadang Monyét
“Piraku Sakadang Monyét?”
“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”
“Heug, isukan mah urang ala.”
“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da teu bisa naék. Ngan uing ménta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana nganyahoankeun geus asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”
Sakadang Kuya ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu némbal.
Peutingna, soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran beurangna geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé Sakadang Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur, Sakadang Kuya mah moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku sorangan.” Tayohna mah Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka kababawa ngalindur.
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri sorangan. Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu bolongna téh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu katingali geus dibolongan. Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.
Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau téa!”
“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék ngalana ogé, uing mah teu bisa naékna.”
“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.
Duanana leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan. Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.
Barang tepi ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.
Teu ngadagoan dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy baé metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja. Atuh puguh wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang Kuya. Cau anu murag téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek baé didahar.
Sakadang Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap. Bakating ku hayang buru-buru anggeus ngala cauna.
Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang Monyét.
“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing mah meni hayang ngasaan!”
Sakadang Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.
“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing téh!”
Sakadang Monyét hare-haré.
Barang cau anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau. Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg baé lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina dahanna anu luhur. Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan, Sakadang Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong. Beuki kagét barang ningali koja téh handapna bolong.
Rét ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang cau meni ngabayak.
Sakadang Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”
“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagolér.
“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét nyereng.
“Ih, apan anu naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna wungkul,” témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.
Cau téh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré, asak dina tangkal deuih.
Sakadang Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat baé!” pokna bari terus indit.
Sakadang Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.
Sakadang kuya jeung monyet
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét
ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka
Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending
ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna
geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah
sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung
Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé
pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang
Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé
ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah
baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang
Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah
“seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah
gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun
ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu
ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya
kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna,
anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka
kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan
cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé
téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng
baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!”
Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu
ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari
Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé
ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok
malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy
dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét
rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?”
Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét,
Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah
naon Sakadang Kuya?”
“Nya
éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun
ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu
bener Sakadang Kuya?”
“Piraku
atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya
kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun
urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya
kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah,
embung.”
“Kuring
mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh
meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang
monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh
déét.
“Heug
baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon
saratna?”
“Saratna
mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka
leuwi.”
“Enya,
énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét
ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung
baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik
deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés
ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun
isukna.
“Manéhna,
ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék
naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu
urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung
pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah,
geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék
kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh
Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang
srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa!
Bapa!”
“Aya
naon, Nyai?”
“Ieu
geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon
Nyai?”
“Monyét,
jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa
Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé
geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung
dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha
bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya,
éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét
téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana
taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana
tangkal kai.
Dina
hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih
nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus
asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka
Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal
cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan
pangalakeun, engke paparon”
“Hade,”
tembal Sakadang Monyet. “Di mana?”
Tuluy
maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy
naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu
dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.
“Sakadang
Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya
ngagorowok.
Tapi
Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah
maledogan ku cangkangna.
Sakadang
Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Dina
hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak,
warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan.
Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati
supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar
geunah.
Ditanya
ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing
menta!”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing
ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah
dipikarunya.
“Keur
naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal
eta teh milik kami?”
“Hampura
bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah
loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya
ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!”
tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.”
Sakadang
Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea.
Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa
lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug
lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang
Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto